Guru Lagu jeung Guru Wilangan 17 Pupuh Sunda
Pupuh
Pupuh téh mangrupa ugeran (puisi)
anu kauger ku guru wilangan jeung guru lagu. Guru wilangan nyaéta
patokan jumlah padalisan (jajaran) dina unggal pada (gundukan) sarta lobana
engang (suku kata/vokal) dina unggal padalisan. atawa aturan
jumlah larik dan jumlah suku kata, Guru lagu nyaéta patokan sora vokal dina
tungtung unggal padalisan atawa “dang-ding-dung”-na sora vokal dina engang
panungtung. guru lagu; aturan rima akhir
Pupuh téh nya éta
wangun puisi lisan tradisional Sunda (atawa, mun di Jawa, katelah ogé macapat)
nu tangtu pola (jumlah engang jeung sora) kalimahna. Nalika can pati wanoh kana
wangun puisi/sastra modérn, pupuh ilahar dipaké dina ngawangun wawacan atawa dangding, luyu jeung watek masing-masing pupuh nu
ngawakilan kaayaan kajadian nu keur dicaritakeun. Pupuh téh kauger ku guru
wilangan jeung guru lagu. Guru wilangan nyaéta patokan jumlah padalisan dina
unggal pada sarta lobana engang dina unggal padalisan, sedengkeun guru lagu
nyaéta patokan sora vokal dina tungtung unggal padalisan atawa
dang-ding-dung-na sora vokal dina engang panungtung.
Macam-macam pupuh : Pupuh aya
tujuh welas (17) rupa:
- Asmarandana, ngagambarkeun rasa kabirahian, deudeuh asih, nyaah.
- Balakbak, ngagambarkeun heureuy atawa banyol.
- Dangdanggula, ngagambarkeun katengtreman, kawaasan, kaagungan, jeung kagumbiraan.
- Durma, ngagambarkeun rasa ambek, gedé haté, atawa sumanget.
- Gambuh, ngagambarkeun kasedih, kasusah, atawa kanyeri.
- Gurisa, ngagambarkeun jelema nu ngalamun atawa malaweung.
- Jurudemung, ngagambarkeun nu bingung, susah ku pilakueun.
- Kinanti, ngagambarkeun nu keur kesel nungguan, deudeupeun, atawa kanyaah.
- Lambang, ngagambarkeun nu resep banyol tapi banyol nu aya pikiraneunana.
- Magatru, ngagambarkeun nu sedih, handeueul ku kalakuan sorangan, mapatahan.
- Maskumambang, ngagambarkeun kanalangsaan, sedih bari ngenes haté.
- Mijil, ngagambarkeun kasedih tapi bari gedé harepan.
- Pangkur, ngagambarkeun rasa ambek nu kapegung, nyanghareupan tugas nu beurat.
- Pucung, ngagambarkeun rasa ambek ka diri sorangan, atawa keuheul kulantaran teu panuju haté.
- Sinom, ngagambarkeun kagumbiraan, kadeudeuh.
- Wirangrong, ngagambarkeun nu kawiwirangan, éra ku polah sorangan.
- Ladrang, ngagambarkeun nu resep banyol bari nyindiran.
Aya nu
kaasup sekar ageung (wanda laguna
rupa-rupa) nya éta Kinanti, Sinom, Asmarandana, jeung Dangdanggula (mindeng
disingget jadi KSAD), sarta sekar alit (wanda laguna ngan sarupa) nyaéta Balakbak, Durma,
Gambuh, Gurisa, Jurudemung, Lambang, Ladrang, Magatru, Maskumambang, Mijil,
Pangkur, Pucung, jeung Wirangrong. Unggal Pupuh miboga ugeran guru wilangan
jeung guru lagu sarta watek séwang-séwangan.
Anapon
karangan pondok dina wangun ugeran anu dianggit maké patokan Pupuh disebutna
téh Guguritan atawa Dangding. Kecap ‘gurit’ asalna tina basa
Sangsakerta, ‘grath’, anu hartina nyusun karangan. Kecap ‘ngagurit’
miboga harti anu sarua jeung ‘ngadangding’, nyaéta nuduhkerun kana pagawéan
ngaréka atawa nyusun karangan winangun Dangding atawa Pupuh.
1. Asmarandana
Sapada
diwangun ku 7 (tujuh) padalisan (8-i, 8-a, 8-é/o, 8-a, 7-a, 8-u, 8-a). Watekna silihasih,
silih pikanyaah, naséhat, atawa mépélingan
1.
Éling-éling mangka éling [8-i]
2. rumingkang di bumi alam [8-a]
3. darma wawayangan baé [8-é]
4. raga taya pangawasa [8-a]
5. lamun kasasar lampah [7-a]
6. napsu nu matak kaduhung [8-u]
7. badan anu katempuhan [8-a]
2. rumingkang di bumi alam [8-a]
3. darma wawayangan baé [8-é]
4. raga taya pangawasa [8-a]
5. lamun kasasar lampah [7-a]
6. napsu nu matak kaduhung [8-u]
7. badan anu katempuhan [8-a]
2. Balakbak
Sapada
diwangun ku 3 (tilu) padalisan (15-é, 15-é, 19-é). Watekna pikaseurieun,
banyol, atawa lulucon.
1. Aya
warung sisi jalan ramé pisan, Citaméng [15-é]
2. Awéwéna luas-luis geulis pisan, ngagoréng [15-é]
3. Lalakina lalakina los ka pipir nyoo monyét, nyangéréng [19-é]
2. Awéwéna luas-luis geulis pisan, ngagoréng [15-é]
3. Lalakina lalakina los ka pipir nyoo monyét, nyangéréng [19-é]
3. Dangdanggula
Sapada
diwangun ku 10 (sapuluh) padalisan (10-i, 10-a, 8-é/o, 7-u, 9-i, 7-a, 6-u, 8-a,
12-i, 7-a). Watekna kabungahan atawa kaagungan.
- Méga beureum surupna geus burit
[10-i]
2. ngalanglayung panas pipikiran [10-a]
3. cikur jangkung jahé konéng [8-é]
4. naha teu palay tepung [7-u]
5. simabdi mah ngabeunying leutik [9-i]
6. ari ras cimataan [7-a]
7. gedong tengah laut [6-u]
8. ulah kapalang nya béla [8-a]
0. paripaos gunting pameulahan gambir [12-i]
10. kacipta salamina [7-a]
4. Durma
Sapada
diwangun ku 7 (tujuh) padalisan (12-a, 7-i, 6-a, 7-a, 7-i, 5-a, 7-i). Watekna
ngambek, paséa, gelut, atawa perang.
1. Moal
ngejat sanajan ukur satapak [12-a]
2. geus dipasti ku jangji [7-i]
3. mun tacan laksana [6-a]
4. numpes musuh sarakah [7-a]
5. henteu niat seja balik [8-i]
6. najan palastra [5-a]
7. mati di médan jurit [7-i]
2. geus dipasti ku jangji [7-i]
3. mun tacan laksana [6-a]
4. numpes musuh sarakah [7-a]
5. henteu niat seja balik [8-i]
6. najan palastra [5-a]
7. mati di médan jurit [7-i]
5. Gambuh
Sapada
diwangun ku 5 (lima) padalisan (7-u, 10-u/i, 12-i, 8-u, 8-o). Watekna bingung,
samar polah, tambuh laku.
1. Ngahuleng
banget bingung [7-u]
2. henteu terang ka mana nya indit [10-i]
3. turug-turug harita téh enggeus burit [12-i]
4. panon poé geus rék surup [8-u]
5. keueung sieun aya méong [8-o]
2. henteu terang ka mana nya indit [10-i]
3. turug-turug harita téh enggeus burit [12-i]
4. panon poé geus rék surup [8-u]
5. keueung sieun aya méong [8-o]
6. Gurisa
Sapada diwangun ku 8 (dalapan) padalisan (8-a, 8-a,
8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a). Watekna pangangguran, tamba kesel, pikalucueun.
1. Hayang
teuing geura beurang (8-a)
2. geus beurang rék ka Sumedang (8-a)
3. nagih kanu boga hutang (8-a)
4. mun meunang rék meuli soang (8-a)
5. tapi najan henteu meunang (8-a)
6. teu rék buru buru mulang (8-a)
7. rék tuluy guguru nembang (8-a)
8. jeung diajar nabeuh gambang (8-a)
2. geus beurang rék ka Sumedang (8-a)
3. nagih kanu boga hutang (8-a)
4. mun meunang rék meuli soang (8-a)
5. tapi najan henteu meunang (8-a)
6. teu rék buru buru mulang (8-a)
7. rék tuluy guguru nembang (8-a)
8. jeung diajar nabeuh gambang (8-a)
7. Jurudemung
Sapada
diwangun ku 5 (lima) padalisan (8-a, 8-u, 6-i, 8-a, 8-u). Watekna kaprihatinan,
kaduhung, atawa hanjakal.
1. Mungguh
nu hirup di dunya [8-a]
2. ku kersaning anu Agung [8-u]
3. geus pinasti panggih [6-i]
4. jeung dua rupa perkara [8-a]
5. senang paselang jeung bingung [8-u]
2. ku kersaning anu Agung [8-u]
3. geus pinasti panggih [6-i]
4. jeung dua rupa perkara [8-a]
5. senang paselang jeung bingung [8-u]
8. Kinanti
Sapada
diwangun ku 6 (genep) padalisan (8-u, 8-i, 8-a, 8-i, 8-a, 8-i). Watekna miharep
atawa prihatin.
1. Budak leutik
bisa ngapung [8-u]
2. babaku ngapungna peuting [8-i]
3. nguriling kakalayangan [8-a]
4. néangan nu amis-amis [8-i]
5. sarupaning bungbuahan [8-a]
6. naon baé nu kapanggih [8-i]
2. babaku ngapungna peuting [8-i]
3. nguriling kakalayangan [8-a]
4. néangan nu amis-amis [8-i]
5. sarupaning bungbuahan [8-a]
6. naon baé nu kapanggih [8-i]
9. Ladrang
Sapada
diwangun ku 4 (opta) padalisan (10-i, 8-a, 8-i, 12-a). Watekna banyol, atawa
pikaseurieun
1. Aya hiji
rupa sato leutik [10-i]
2. éngkang-éngkang, éngkang-éngkang [8-a]
3. sok luluncatan di cai [8-i]
4. ari bangun arék sarupa jeung lancah [12-a]
2. éngkang-éngkang, éngkang-éngkang [8-a]
3. sok luluncatan di cai [8-i]
4. ari bangun arék sarupa jeung lancah [12-a]
10. Lambang
Sapada
diwangun ku 4 (opat) padalisan (8-a, 8-a, 8-a, 8-a). Watekna banyol, atawa
pikaseurieun.
1. Nawu
kubang sisi tegal [8-a]
2. nyair bogo meunang kadal [8-a]
3. atuh teu payu dijual [8-a]
4. rék didahar da teu halal [8-a]
2. nyair bogo meunang kadal [8-a]
3. atuh teu payu dijual [8-a]
4. rék didahar da teu halal [8-a]
11. Magatru
Sapada
diwangun ku 5 (lima) padalisan (12-u, 8-i, 8-u, 8-i, 8-o). Watekna piwuruk,
prihatin, sarta kalucuan.
1. Majalaya
Ciparay Banjaran Bandung [12-u]
2. Kopo reujeung Cisondari [8-i]
3. Cicaléngka Ujungberung [8-u]
4. Rajamandala Cimahi [8-i]
5. Lélés Limbangan Tarogong [8-0]
2. Kopo reujeung Cisondari [8-i]
3. Cicaléngka Ujungberung [8-u]
4. Rajamandala Cimahi [8-i]
5. Lélés Limbangan Tarogong [8-0]
12. Maskumambang
Sapada
diwangun ku 4 (opat) padalisan (12-i, 6-a, 8-i, 8-a). Watekna prihatin,
sasambat, atawa nalangsa.
1. Hé manusa
mana kaniaya teuing [12-i]
2. teu aya rasrasan [6-a]
3. kaula maké disumpit [8-i]
4. naha naon dosa kula [8-a]
2. teu aya rasrasan [6-a]
3. kaula maké disumpit [8-i]
4. naha naon dosa kula [8-a]
13. Mijil
Sapada
diwangun ku 6 (genep) padalisan (10-i, 6-o, 10-e, 10-i, 6-i, 6-u). Watekna
susah, sedih, cilaka, tiiseun, atawa jempling.
1. Mesat
ngapung puta sang Arimbi [10-i]
2. jeung méga geus awor [6-o]
3. beuki lila beuki luhur baé [10-é]
4. larak-lirik ningali ka bumi [10-i]
5. milari sang rayi [6-i]
6. Pangéran Bimanyu [6-u]
2. jeung méga geus awor [6-o]
3. beuki lila beuki luhur baé [10-é]
4. larak-lirik ningali ka bumi [10-i]
5. milari sang rayi [6-i]
6. Pangéran Bimanyu [6-u]
14. Pangkur
Sapada
diwangun ku 7 (tujuh) padalisan (8-a, 11-i, 8-u, 7-a, 12-u, 8-a, 8-a). Watekna
lumampah, napsu, sadia rék perang.
1. Seja
nyaba ngalalana [8-a]
2. ngitung lembur ngajajah milang kori [12-i]
3. henteu puguh nu dijugjug [8-u]
4. balik paman sadaya [7-a]
5. nu ti mana tiluan semu rarusuh [12-u]
6. Lurah bégal ngawalonan [8-a]
7. Aing ngaran Jayapati [8-i]
2. ngitung lembur ngajajah milang kori [12-i]
3. henteu puguh nu dijugjug [8-u]
4. balik paman sadaya [7-a]
5. nu ti mana tiluan semu rarusuh [12-u]
6. Lurah bégal ngawalonan [8-a]
7. Aing ngaran Jayapati [8-i]
15. Pucung
Sapada
diwangun ku 4 (opat) padalisan (12-u, 6-a, 8-é/o, 12-a). Watekna piwuruk,
wawaran, kaget, atawa éling.
1. Lutung
buntung luncat kana tunggul gintung [12-u]
2. monyét loréng leupas [6-a]
3. luncat kana pager déngdék [8-é]
4. bajing kuning jaralang belang buntutna [12-a]
2. monyét loréng leupas [6-a]
3. luncat kana pager déngdék [8-é]
4. bajing kuning jaralang belang buntutna [12-a]
16. Sinom
Sapada
diwangun ku 9 (salapan) padalisan (8-a, 8-i, 8-a, 8-i, 7-i, 8-u, 7-a/8-a, 8-i,
12-a). Watekna gumbira.
1.
Warna-warna lauk émpang [8-a]
2. aya nu sami jeung pingping [8-i]
3. pagulung patumpang-tumpang [8-a]
4. Ratna Rengganis ningali [8-i]
5. warnaning lauk cai [7-i]
6. lalawak pating suruwuk [8-u]
7. sepat patingk(ar)océpat [7-a (8-a)]
8. julung-julung ngajalingjing [8-a]
9. sisi balong balingbing sisi balungbang [12-a]
2. aya nu sami jeung pingping [8-i]
3. pagulung patumpang-tumpang [8-a]
4. Ratna Rengganis ningali [8-i]
5. warnaning lauk cai [7-i]
6. lalawak pating suruwuk [8-u]
7. sepat patingk(ar)océpat [7-a (8-a)]
8. julung-julung ngajalingjing [8-a]
9. sisi balong balingbing sisi balungbang [12-a]
17. Wirangrong
Sapada
diwangun ku 6 (genep) padalisan (8-i, 8-o, 8-u, 8-i, 8-a, 8-a). Watekna
kawirang, kaéraan, karugian, kaapesan.
1. Barudak
mangka ngalarti [8-i]
2. ulah rék ka dalon-dalon [8-o]
3. enggong-enggon nungtut élmu [8-u]
4. mangka getol mangka tigin [8-i]
5. pibekeleun saréréa [8-a]
6. modal bakti ka nagara [8-a]
2. ulah rék ka dalon-dalon [8-o]
3. enggong-enggon nungtut élmu [8-u]
4. mangka getol mangka tigin [8-i]
5. pibekeleun saréréa [8-a]
6. modal bakti ka nagara [8-a]