Selasa, 08 Desember 2015

Pupuh Sunda



Guru Lagu jeung Guru Wilangan 17 Pupuh Sunda
Pupuh
Pupuh téh mangrupa ugeran (puisi) anu kauger ku guru wilangan jeung guru lagu. Guru wilangan nyaéta patokan jumlah padalisan (jajaran) dina unggal pada (gundukan) sarta lobana engang (suku kata/vokal) dina unggal padalisan. atawa aturan jumlah larik dan jumlah suku kata, Guru lagu nyaéta patokan sora vokal dina tungtung unggal padalisan atawa “dang-ding-dung”-na sora vokal dina engang panungtung. guru lagu; aturan rima akhir
Pupuh téh nya éta wangun puisi lisan tradisional Sunda (atawa, mun di Jawa, katelah ogé macapat) nu tangtu pola (jumlah engang jeung sora) kalimahna. Nalika can pati wanoh kana wangun puisi/sastra modérn, pupuh ilahar dipaké dina ngawangun wawacan atawa dangding, luyu jeung watek masing-masing pupuh nu ngawakilan kaayaan kajadian nu keur dicaritakeun. Pupuh téh kauger ku guru wilangan jeung guru lagu. Guru wilangan nyaéta patokan jumlah padalisan dina unggal pada sarta lobana engang dina unggal padalisan, sedengkeun guru lagu nyaéta patokan sora vokal dina tungtung unggal padalisan atawa dang-ding-dung-na sora vokal dina engang panungtung.
Macam-macam pupuh : Pupuh aya tujuh welas (17)  rupa:
  • Asmarandana, ngagambarkeun rasa kabirahian, deudeuh asih, nyaah.
  • Balakbak, ngagambarkeun heureuy atawa banyol.
  • Dangdanggula, ngagambarkeun katengtreman, kawaasan, kaagungan, jeung kagumbiraan.
  • Durma, ngagambarkeun rasa ambek, gedé haté, atawa sumanget.
  • Gambuh, ngagambarkeun kasedih, kasusah, atawa kanyeri.
  • Gurisa, ngagambarkeun jelema nu ngalamun atawa malaweung.
  • Jurudemung, ngagambarkeun nu bingung, susah ku pilakueun.
  • Kinanti, ngagambarkeun nu keur kesel nungguan, deudeupeun, atawa kanyaah.
  • Lambang, ngagambarkeun nu resep banyol tapi banyol nu aya pikiraneunana.
  • Magatru, ngagambarkeun nu sedih, handeueul ku kalakuan sorangan, mapatahan.
  • Maskumambang, ngagambarkeun kanalangsaan, sedih bari ngenes haté.
  • Mijil, ngagambarkeun kasedih tapi bari gedé harepan.
  • Pangkur, ngagambarkeun rasa ambek nu kapegung, nyanghareupan tugas nu beurat.
  • Pucung, ngagambarkeun rasa ambek ka diri sorangan, atawa keuheul kulantaran teu panuju haté.
  • Sinom, ngagambarkeun kagumbiraan, kadeudeuh.
  • Wirangrong, ngagambarkeun nu kawiwirangan, éra ku polah sorangan.
  • Ladrang, ngagambarkeun nu resep banyol bari nyindiran.
Aya nu kaasup sekar ageung (wanda laguna rupa-rupa) nya éta Kinanti, Sinom, Asmarandana, jeung Dangdanggula (mindeng disingget jadi KSAD),   sarta sekar alit (wanda laguna ngan sarupa) nyaéta Balakbak, Durma, Gambuh, Gurisa, Jurudemung, Lambang, Ladrang, Magatru, Maskumambang, Mijil, Pangkur, Pucung, jeung Wirangrong. Unggal Pupuh miboga ugeran guru wilangan jeung guru lagu sarta watek séwang-séwangan.
Anapon karangan pondok dina wangun ugeran anu dianggit maké patokan Pupuh disebutna téh Guguritan atawa Dangding. Kecap ‘gurit’ asalna tina basa Sangsakerta, ‘grath’, anu hartina nyusun karangan. Kecap ‘ngagurit’ miboga harti anu sarua jeung ‘ngadangding’, nyaéta nuduhkerun kana pagawéan ngaréka atawa nyusun karangan winangun Dangding atawa Pupuh.
1. Asmarandana
Sapada diwangun ku 7 (tujuh) padalisan (8-i, 8-a, 8-é/o, 8-a, 7-a, 8-u, 8-a). Watekna silihasih, silih pikanyaah, naséhat, atawa mépélingan
1. Éling-éling mangka éling [8-i]
2. rumingkang di bumi alam [8-a]
3. darma wawayangan baé [8-é]
4. raga taya pangawasa [8-a]
5. lamun kasasar lampah [7-a]
6. napsu nu matak kaduhung [8-u]
7. badan anu katempuhan [8-a]

2. Balakbak
Sapada diwangun ku 3 (tilu) padalisan (15-é, 15-é, 19-é). Watekna pikaseurieun, banyol, atawa lulucon.
1. Aya warung sisi jalan ramé pisan, Citaméng [15-é]
2. Awéwéna luas-luis geulis pisan, ngagoréng [15-é]
3. Lalakina lalakina los ka pipir nyoo monyét, nyangéréng [19-é]
3. Dangdanggula
Sapada diwangun ku 10 (sapuluh) padalisan (10-i, 10-a, 8-é/o, 7-u, 9-i, 7-a, 6-u, 8-a, 12-i, 7-a). Watekna kabungahan atawa kaagungan.
  1. Méga beureum surupna geus burit [10-i]
    2. ngalanglayung panas pipikiran [10-a]
    3. cikur jangkung jahé konéng [8-é]
    4. naha teu palay tepung [7-u]
    5. simabdi mah ngabeunying leutik [9-i]
    6. ari ras cimataan [7-a]
    7. gedong tengah laut [6-u]
    8. ulah kapalang nya béla [8-a]
    0. paripaos gunting pameulahan gambir [12-i]
    10. kacipta salamina [7-a]
4. Durma
Sapada diwangun ku 7 (tujuh) padalisan (12-a, 7-i, 6-a, 7-a, 7-i, 5-a, 7-i). Watekna ngambek, paséa, gelut, atawa perang.
1. Moal ngejat sanajan ukur satapak [12-a]
2. geus dipasti ku jangji [7-i]
3. mun tacan laksana [6-a]
4. numpes musuh sarakah [7-a]
5. henteu niat seja balik [8-i]
6. najan palastra [5-a]
7. mati di médan jurit [7-i]
5. Gambuh
Sapada diwangun ku 5 (lima) padalisan (7-u, 10-u/i, 12-i, 8-u, 8-o). Watekna bingung, samar polah, tambuh laku.
1. Ngahuleng banget bingung [7-u]
2. henteu terang ka mana nya indit [10-i]
3. turug-turug harita téh enggeus burit [12-i]
4. panon poé geus rék surup [8-u]
5. keueung sieun aya méong [8-o]
6. Gurisa
Sapada diwangun ku 8 (dalapan) padalisan (8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a). Watekna pangangguran, tamba kesel, pikalucueun.
1. Hayang teuing geura beurang (8-a)
2. geus beurang rék ka Sumedang (8-a)
3. nagih kanu boga hutang (8-a)
4. mun meunang rék meuli soang (8-a)
5. tapi najan henteu meunang (8-a)
6. teu rék buru buru mulang (8-a)
7. rék tuluy guguru nembang (8-a)
8. jeung diajar nabeuh gambang (8-a)
7. Jurudemung
Sapada diwangun ku 5 (lima) padalisan (8-a, 8-u, 6-i, 8-a, 8-u). Watekna kaprihatinan, kaduhung, atawa hanjakal.
1. Mungguh nu hirup di dunya [8-a]
2. ku kersaning anu Agung [8-u]
3. geus pinasti panggih [6-i]
4. jeung dua rupa perkara [8-a]
5. senang paselang jeung bingung [8-u]
8. Kinanti
Sapada diwangun ku 6 (genep) padalisan (8-u, 8-i, 8-a, 8-i, 8-a, 8-i). Watekna miharep atawa prihatin.
1. Budak leutik bisa ngapung [8-u]
2. babaku ngapungna peuting [8-i]
3. nguriling kakalayangan [8-a]
4. néangan nu amis-amis [8-i]
5. sarupaning bungbuahan [8-a]
6. naon baé nu kapanggih [8-i]
9. Ladrang
Sapada diwangun ku 4 (opta) padalisan (10-i, 8-a, 8-i, 12-a). Watekna banyol, atawa pikaseurieun
1. Aya hiji rupa sato leutik [10-i]
2. éngkang-éngkang, éngkang-éngkang [8-a]
3. sok luluncatan di cai [8-i]
4. ari bangun arék sarupa jeung lancah [12-a]
10. Lambang
Sapada diwangun ku 4 (opat) padalisan (8-a, 8-a, 8-a, 8-a). Watekna banyol, atawa pikaseurieun.
1. Nawu kubang sisi tegal [8-a]
2. nyair bogo meunang kadal [8-a]
3. atuh teu payu dijual [8-a]
4. rék didahar da teu halal [8-a]

11. Magatru
Sapada diwangun ku 5 (lima) padalisan (12-u, 8-i, 8-u, 8-i, 8-o). Watekna piwuruk, prihatin, sarta kalucuan.
1. Majalaya Ciparay Banjaran Bandung [12-u]
2. Kopo reujeung Cisondari [8-i]
3. Cicaléngka Ujungberung [8-u]
4. Rajamandala Cimahi [8-i]
5. Lélés Limbangan Tarogong [8-0]
12. Maskumambang
Sapada diwangun ku 4 (opat) padalisan (12-i, 6-a, 8-i, 8-a). Watekna prihatin, sasambat, atawa nalangsa.
1. Hé manusa mana kaniaya teuing [12-i]
2. teu aya rasrasan [6-a]
3. kaula maké disumpit [8-i]
4. naha naon dosa kula [8-a]
13. Mijil
Sapada diwangun ku 6 (genep) padalisan (10-i, 6-o, 10-e, 10-i, 6-i, 6-u). Watekna susah, sedih, cilaka, tiiseun, atawa jempling.
1. Mesat ngapung puta sang Arimbi [10-i]
2. jeung méga geus awor [6-o]
3. beuki lila beuki luhur baé [10-é]
4. larak-lirik ningali ka bumi [10-i]
5. milari sang rayi [6-i]
6. Pangéran Bimanyu [6-u]

14. Pangkur
Sapada diwangun ku 7 (tujuh) padalisan (8-a, 11-i, 8-u, 7-a, 12-u, 8-a, 8-a). Watekna lumampah, napsu, sadia rék perang.
1. Seja nyaba ngalalana [8-a]
2. ngitung lembur ngajajah milang kori [12-i]
3. henteu puguh nu dijugjug [8-u]
4. balik paman sadaya [7-a]
5. nu ti mana tiluan semu rarusuh [12-u]
6. Lurah bégal ngawalonan [8-a]
7. Aing ngaran Jayapati [8-i]
15. Pucung
Sapada diwangun ku 4 (opat) padalisan (12-u, 6-a, 8-é/o, 12-a). Watekna piwuruk, wawaran, kaget, atawa éling.
1. Lutung buntung luncat kana tunggul gintung [12-u]
2. monyét loréng leupas [6-a]
3. luncat kana pager déngdék [8-é]
4. bajing kuning jaralang belang buntutna [12-a]
16. Sinom
Sapada diwangun ku 9 (salapan) padalisan (8-a, 8-i, 8-a, 8-i, 7-i, 8-u, 7-a/8-a, 8-i, 12-a). Watekna gumbira.
1. Warna-warna lauk émpang [8-a]
2. aya nu sami jeung pingping [8-i]
3. pagulung patumpang-tumpang [8-a]
4. Ratna Rengganis ningali [8-i]
5. warnaning lauk cai [7-i]
6. lalawak pating suruwuk [8-u]
7. sepat patingk(ar)océpat [7-a (8-a)]
8. julung-julung ngajalingjing [8-a]
9. sisi balong balingbing sisi balungbang [12-a]
17. Wirangrong
Sapada diwangun ku 6 (genep) padalisan (8-i, 8-o, 8-u, 8-i, 8-a, 8-a). Watekna kawirang, kaéraan, karugian, kaapesan.
1. Barudak mangka ngalarti [8-i]
2. ulah rék ka dalon-dalon [8-o]
3. enggong-enggon nungtut élmu [8-u]
4. mangka getol mangka tigin [8-i]
5. pibekeleun saréréa [8-a]
6. modal bakti ka nagara [8-a]